Yeuh bani adam..geura pake pakean maraneh anu harade saban-saban salat, jeung pek geura dalahar, geura ngarinum tapi ulah ngaliwatan wates wangen karana saestuna Allah heunteu micinta jalma-jalma anu ngaliwatan wates wangen.
Pok caritakeun: “Saha anu ngaharamkeun papaes Allah anu diayakeun ku anjeunna pikeun abdi-abdina, jeung saniskara anu hade tina kurnia Na?”
Pok caritakeun deui: “Eta teh pikeun jalma-jalma anu ariman dina kahirupan dunya jeung hususna pikeun maranehna dina poe kiamat. Tah kitu kami ngawincik ayat-ayat pikeun kaom anu nyaraho.”
Pok caritakeun: “Saestuna pangeran kaula ngan wungkul ngaharamkeun laku lampah anu jahat anu lahir jeung anu batin, jeung dosa, jeung dolim kalawan heunteu hak, jeung nyarekatkeun Allah kana naon-naon anu kateranganana heunteu diturunkeun ku Anjeunna. Jeung nyarita kalayan asma Na Allah perkara anu ku mararaneh heunteu dipikanyaho.”
(7:31-33)
gambar dari sini
No comments:
Post a Comment